Karaoke Runtah Ciptaan : Doel Sumbang Artis : Doel Sumbang
Lirik Runtah :
Panonna alus, irung alus, biwir alus Ditempo ti hareup, ti gigir, mani mulus Ngan hanjakal pisan, kalakuan siga sétan Gunta-ganti jalu, teu sirikna unggal minggu
Naha kunaon nu geulis loba nu bangor? Naha kunaon nu bangor loba nu geulis? Siganamah ngarasa asa aing hadé rupa Bisa payu ka sasaha, tungtungna jadi cilaka (IMP ID)
Ngan naha atuh bet dimumurah? Géblég, hirup daék jadi runtah Ulah bangga bisa gunta-ganti jalu Komo jeung poho dibaju
Ji, wa, lu, pat
Panonna alus, irung alus, biwir alus Ditempo ti hareup, ti gigir, mani mulus Ngan hanjakal pisan, kalakuan siga sétan Gunta-ganti jalu, teu sirikna unggal minggu
Naha kunaon nu geulis loba nu bangor? Naha kunaon nu bangor loba nu geulis? Siganamah ngarasa asa aing hadé rupa Bisa payu ka sasaha, tungtungna jadi cilaka